Senin, 08 April 2013

Jagad Ngahujad

Amit ampun nun paralun ka Gusti nu maha suci
Tatar Sunda estu endah
lemah cai awit jadi amanat Illahi Robbi
Alam nu sakieu endahna maenya teu bisa ngabungahkeun rasa

Leuweung lain saleuweung leuweungna
Leuweung nu mere kahirupan
Tapi leuweung kiwari teu ke'eung
Leuweung geus jadi tumpukan beton


Alam diruksak tangkal di bukbak
Deudeuh teuing alam aing
Gunung nu ngalingkung
Bukit nu umpak-umpakan

Beak Ku napsu kasarakahan
Sawah nu hejo ngemplong ngeplak
Ti kidul nepi ka kaler, ti kulon nepi ka wetan
Beak di babad ku pembangunan

Hampura Gusti

Manusa saukur bisa nyieun karuksakan
Jeung silih salahkeun neang kasalahan
Mugi gusti nangtayungan ieu alam
Alam Pasundan Alam Indonesia

Wawan - Karinding Sangkuriang

Tidak ada komentar:

Posting Komentar