Selasa, 15 Januari 2013

Sasakala Pare

Mangsa sareureuh budak lur. Baheula mah kuring keur leutik, wanci kieu teh sok ngadengekeun dongeng. Dongeng Si Buntung Jago Tutugan, ari nu ngadongengna Mang Jonih.Tah ayeuna urang ngadongeng nya tamba sare sore-sore, biasa we nyutat tina buku nu ditulis ku batur..he..he....tapi ketang duka saha sabenerna nu ngarang ieu dongeng. Da teu disebutkeun di dieuna oge.Ari dongengna kieu.

Hiji mangsa, Batara guru ngadamel karaton anyar. Para dewa diembaran kudu nyarandak batu gede pikeun tatapakanana. Sakabeh dewa nyanggupan, ngan Dewa Anta anu henteu teh. Barang disumpingan ku Batara Narada, Dewa Anta ngan gigideug wae, bari cumalimba pok nyarita: "Kapan salira oge uninga yen simkuring mah teu gaduh leungeun teu gaduh suku. Kumaha rek tiasa ngabantun batu?"

Sajeroning nyarita kitu teh clak cipanona ragrag tilu keclak, ngagorolong kana pipi. Barang cipanon nu tilu keclak tea murag kana taneuh, bet salin rupa jadi endog tilu siki. "Sanggakeun eta endog teh ka Batara Guru sarta caritakeun sakur nu kajadian!" Saur Batara Narada ka Dewa Anta.

Ti dinya, bral Dewa Anta teh miang ngajugjug karaton bari ngaheumheum endog ati-ati pisan. Di satengahing jalan gok manehna papanggih jeung manuk galudra.

Bade angkat ka mana Dewa Anta?" Galudra teh nanya. Tapi kulantaran keur ngaheumheum endog, Dewa Anta. Dewa Anta teh teu bisa ngawalon. Leuwih ti dua kali Galudra nanyana, tapi kulantaran teu dijawab wae, nya timbul amarahna. Kecok bae Dewa Anta dipacok palebah sirahna. Atuh Dewa Anta kokowowongan nyerieun, nepika dua kali ngoceak nyerieun, sarta unggal ngoceak murag hiji. (abong dongeng:Red)

Barang ninggang kana taneuh, pro endog teh peupeus, borengkal tina unggal endog biji anak bagong. Eta dua anak bagong teh tuluy dikukut ku sapi, disusuan nepika gede bareng jeung anakna. Ari anak sapi tea, ngarana Lembu Gumarang, nu bakal jadi sapi jalu siluman, sakti manggulang mangguling, jadi musuh kabuyutan para dewa jeung manusa.

Dewa Anta kacida nalangsana endogna euweuh dua teh, untung we aya sasiki deui dina heungheumanana. Endog nu tinggal sasiki teh tuluy disanggakeun ka Batara Guru, sarta pok sakur nu geus kajadian teh dicaritakeun. Batara guru nimbalan sangkan eta endog disileungleuman nepika megar, sarta lamun geus megar kudu disanggakeun deui ka anjeuna, naon bae ge anu dipegarkeunana.

Endog teh dibawa deui ku Dewa Anta. Katompernakeun bulan, endog teh megar, ari nu kaluar orok anu rupana kaciga geulisna. Buru-buru eta orok teh disanggakeun ku Dewa Anta ka Batara Guru, tuluy ku Batara Guru didamel putri sarta diwastaan Dewi Sri. Dirorok cara putrina ku anjeun, diogo didma-dama sakumaha mistina.

Sababaraha taun geus kaliwat, Dewi Sri jadi mojang geulis nu keur meujeuhna rumaja putri. Saparipolahna matak kayungyung, nya geulis, nya amis budi, saha wae anu ningali eta putri, tangtu kabungbulengan. Dalah Batara Guru ku anjeun kacida geugeutna ka putri teh, nepika para dewa rarisieun bilih anjeuna kateterasan mibogoh, palay migarwa putra.Nurutkeun hukum, bapa teu meunang kawin ka anakna, sanajan nu jadi bapa dewa jeung sanajan nu jadi anakna anak kukut.

Para dewa ngaraos risi, boh bilih eta aturan dirempak. Mun nepika kitu teh, geus tangtu kadewaan bakal sirna. Ku sabab eta para dewa kalawan rerencepan samiuk rek nyabut nyawa Dewi Sri. Enya ari matak nyeri kana manahna mah, tapi dalah dikumaha da taya deui jalan pikeun ngajait kadewaan tina balai.

Buah kasedep Dewi Sri ku para dewa dilebetan racun, geus kitu song dihaturkeun. Sabada tuang buah, brek Dewi Sri teu damang. Beuki lila salirana beuki teu aya tanagaan, lesu lir nu dipupul bayu, dugi ka pupusna. Lir gagang kembang nu masih ngora nu lalaunan layu, kulahek, pluk murag kana taneuh. Salira Dewi Sri teras dipulasara make upacara kadewaan, dipendemna digigireun pagoda endah, nu tilu umpak suhunanana. Saterusna eta kuburan teh dijaga ku widadari, saban poe diceboran nepi ka sakurilingna pinuh ku kekembangan.

Lila-lila tina kuburan teh aya nu melentung, beuki lila-beuki gede, mangrupa tutuwuhan nu can kungsi aya. Ieu tutuwuhan kahiangan teh nyaeta nu ayeuna disebut pare.

Barang Batara Guru ningali kaahenganana, teras nimbalan Kabayan Dewa supaya eta bini pare teh  dicandak ka dunya ka paparinkeun ka raja hiji nagara nu katelah Pajajaran. "Caritakeun ku andika, ieu binih pare teh ti kula kituh. Parentahkeun rahayatna melak ieu binih, sarta piara sing hade, tangtu maranehna moal kakurangan dahareun, sabab pare teh pangan pangupa jiwa".

Raja Pajajaran teu kinten bingaheunana nampi kintunan aheng ti kahiangan teh. Tuluy pare teh dibagikeun ka rahayatna. Kabayan Dewa ngawurukan kumaha prak-prakanana melak pare di sawah jeung di huma, prak-prakanana dibuat, jeung prak-prakanana nutu. Geus kitu burudul para widadari turun ti kahiangan kadunya rek nagwurukan barudak awewe kumaha prak-prakanana nyangu jeung popolah sangkan ngeunah. Ti harita rahayat Pajajaran tara pisan kakurangan pangan. Mangpirang-pirang taun hirup tengtrem taya kakurang.

Tapi hiji poe ka Pajajaran datang hiji sodagar jahat ti nagri sabrang. barang manehna nenjo pare sarta ngsaan sanguna nu rasana aheng tea, jorojoy hayang ngaborong bawaeun balik ka nagarana, tapi Kangjeng Raja teu ngawidian, dawuhna:"Ieu pare lain nu kami tapi nu kahiangan, sabab asalna ti pangkuleman Dewi Sri di Kahiangan." Ki sodagar teu kira-kira ambekeunana barang ngadenge pidawuh raja kitu teh. Gejlig manehna indit ngajugjug ka Guha Lembu Gumarang, nu aya di Pajajaran diruksak ku Lembu Gumarang.(?)

Tuluy sapi jalu teh singkil. Prak niup angin ngagelebug nepi ka sakabeh tangkal pare rarebah papak rata jeung taneuh. Barang Batara Guru ningali kaayaan kitu, enggal nimbalan Dewa anom nu jenenganana Sulanjan sangkan nulungan pare. Angin nu sakitu ngagelebugna disingraykeun ku Sulanjana sarta pare nu geus arayeuh teh jadi carengkat deui.

Sapi siluman nyalukan dulur-dulur sasusuna pikeun mantuan ngaruksak pare, nyaeta anak bagong anu dua tea,   geus galede tur kacida galakna. Eta bagong teh nitah pangratus-ratus bagong ngaleyekan pare. Tapi Dewa anom geuwat nyipta pepedut nu kacida kandelna nepi ka bagong-bagong teh sarasab. Ti dinya siluman teh ngeprik beurit mangrewu-rewu, tapi geuwat jajalaneunana diawuran baruang ku Dewa Anom nepi ka beurit-beurit teh gempar paraeh. Geus kitu eta sato sadudulur nu jarahat teh nyaralukan manuk nu ngayuta-yuta lobana, sina maracokan pare.Tapi Dewa Anom tulu matek ajian nyinglar manuk.

Tungtungna sapi siluman teh ngeprik sakabeh sasatoan anu aya di leuweung, sina ngaruksak dayeuh jeung kampung-kampung di eta nagara. Geus kitu mah bring bae, rahayat, kolot budak, tarandang ka ka pangperangan, maju jurit babarengan jeung Dewa Anom mingpin rahayat nyieun lombang nu jerona ditaheunan pitapak, jeung masang jaring di luhur tatanngkalan

Burudul balad sasatoan teh ngaburudul ti leuweung. Dibobotohan ku sapi jalu tingsuruduk ngarungkadkeun tatangkalan. Atuh gebrus-gebrus wae sawareh deui tinggurawil keuna ku jaring. Sanajan nyaho baladna geus beak sapi jalu weleh teu daekeun taluk, "Sulanjana" cenah manehna susumbar, "Ulah nyangka dewek geus eleh. Sok ayeuna urang nagdu jajaten, saha sabenerna anu leuwih digjaya.

Srog Dewa Anom maju tandang, taya kagimir, rek ngayonan panangtang sapi jalu. Ajeuna nulak cangkeng ngadago sapi jalu nyuruduk. Kosreng sapi jalu ngasah heula tandukan dina catang, suruduk nubruk mani bangbaraan. Tapi ngan sajorelat Dewa Anom nyingcet, barang sapi jalu malikan deui nyuruduk, sampean Sulanjana ngarengkas, atuh bru wae sapi jalu teh nambru. Jurungkunung hudang deui, tuluy nyuruduk, tapi molos da Sulanjana nyingcet. Suruduk deui, suruduk deui sapi jalu teh nubruk, tapi ku Sulanjana cukup dilawan ku cungcat-cingcet bae.

Tungtungna kerewek suku sapi teh ku Sulanjana ditewak hiji, tuluy diangkat, dipuntirkeun di luhur, nepi ka tungtungna teu bisaeun nangtung-nangtung acan. Sapi jalu ngalengis menta ampun, ku Dewa Anom ditedunan, meunang hirup, asal manehna jeung babi siluman anu dua tea jangji bakal ngajaga pare salalawasna.

Sanggeus eta sato nyaranggupan nyumpunan jangjina, rahayat Pajajaran sarurak saruka bungah. Ti wangkid harita mah hirup tengtrem ngahenang-ngahening, bisa ngararasakeung ngeunahna sangu, pangan pangupa jiwa tea. Cag


(Dicutat tina Gentra Basa Sunda; Drs. Dingding Haerudin, M.Pd.)
Pedaran
Unsur-unsur dongéng:
1) Téma = jejer utama atawa inti persoalan carita
2) Palaku = nu ngalalakon/inti persoalan carita (B. Ina. Pelaku)
3) Galur = runtuyan carita/kajadian (B. Ina. Alur)
4) Latar = tempat jeung waktu lumangsungna carita 4 Golongan Dongéng:
1) Parabel = nyaritakeun kahirupan jalma di masarakat atawa dina sajarahna. Conto: Prabu Siliwangi, Kéan Santang, Si Kabayan
2) Fabel = nyaritakeun kahirupan sasatoan. Conto: Kuya jeung Monyét, Peucang keuna ku Leugeut, Gagak jeung Anjing
3) Légénda (sasakala) = nyaritakeun asal-usul kajafian hiji tempat, barang, sasatoan atawa tutuwuhan. Conto: Sasakala Arcadomas, Sasakala Gunung Tangkuban Tampomas, Mula Nagara Baduy, Sasakala Maung Sancang, Sasakala Paré.
4) Mite = nyaritakeun mahluk gaib, siluman atawa jurig. Conto: Kuntilanak, Munjung, Dirawu Kélong

Tidak ada komentar:

Posting Komentar